View
6
Download
0
Category
Preview:
Citation preview
Rosi Gasanti
Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi
kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan
3.1.1 Métode Panalungtikan
Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun
meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal
panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun
bebeneranana.
Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén.
Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi
ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona
ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol
sakabéh variabel nu rélevan.
3.1.2 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest
jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris
digambarkeun dina tabél di handap.
Tabél 3.1
Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén
O1 X O2
O1 : pretést
25
O2 : postést
X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi
(Sugiyono, 2006: 116).
X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode
Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa
observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho
kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol.
3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional
3.2.1 Variabel
Dumasar kana pamadegan Arikunto (2002:96) nétélakeun yén anu disebut
variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén
dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu
disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih
Arikunto (2002:97) nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu
mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas (independent variable) jeung variabel
kauger (dependent variable). Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur,
variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun
variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri
1 Tasikmalaya.
3.2.2 Wangenan Operasional
Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan
ditétélakeun ieu di handap.
1) Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona
dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung
skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif.
Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi
engkéna bisa ngadémonstrasikeun deui kalawan ngalaksanakeun prakték-
26
prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat
peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode
Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal,
nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu
nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan
siswa.
2) Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan
ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik
jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan (lafal)
jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di
antarana:
a) Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan
anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora
konsonan.
b) Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu
merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng.
Aspék non-linguistik ngawengku;
a) Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa
maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita.
b) Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan
sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita.
c) Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat
peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan
merenah, luyu jeung eusi carita.
d) Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng
kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta
gerak nu teu kaleuleuwihi.
3.3 Tehnik Panalungtikan
3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
27
Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta
ditétélakeun ieu di handap.
a) Téhnik Tes
Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan
mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di
hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data
hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali
tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun
mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun
métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun
mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun
métode Démonstrasi.
b) Téhnik Observasi
Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun
gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di
jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru
mata pelajaran basa Sunda di Sakola.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana,
lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun.
Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés
ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik
observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung.
3.4.1 Lembaran Tés Lisan
Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng
sasakala Biruang jadi Sato Galak di hareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga
28
maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di
handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris
didongéngkeun ku siswa.
Sasakala Biruang Jadi Sato Galak
Sampurasun...
Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon
Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana
bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh.
Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta
sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok
ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna
panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang
ngajaga sawah patani téh.
Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring
téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disarada “cuit cuit cuit
cit cit cit”, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah
éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang
nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh
nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep..
“Horda....huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit,
arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang
ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu!” ceuk biruang sumanget
ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo
awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk
bari ngahenang-ngahening bari hahariringan.
Pupuh Balakbak
Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé
Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré
Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén
Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari
sesegrok “ngoook..grok..ngok grok”. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy
manéhna ngareureuwas bagong bari keprok “Hoyah! rék naon siah silaing kadieu,
nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing,
hus..hus.. nyingkah siah kaditu!” Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir.
Pok deui biruang ngomong “Hag siah, saha deui nu wani datang kadieu, moal
29
sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab
rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan ,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring
bakal meunang paré loba euy huhahahhaa....’
Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka
lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuy-
saranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré
ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék
nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani
dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus
puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna.
Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah,
tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun
ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun
ku kaula.” Ku juru tani diwalon, “Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang,
kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun
deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna
mah top baé kabéh keur sampéan”. “Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya!”
ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka
leuweung.
Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré.
Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna
kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana.
Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa
tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang
meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal
acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy
diringkid ka lembur.
Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung
daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu
ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna.
Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu
beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, “Aing sumpah nepi ka
turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung,
rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.”
Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang
diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida
bedasna.
Cag ah...
30
Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format
meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap.
Tabel 3.2
Kisi-kisi kritéria anu diajén
No Sasaran Aspék
1. Basa Lafal
Lentong
2. Eusi Pamahaman Eusi
Sistematika Eusi
3. Téhnik/Gaya Réngkak jeung Peta
Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga
Tabel 3.3
Format Meunteun
Wasta :
Kelas :
Sasaran Aspek Skala Nilai
Skor 1 2 3 4 5
Basa Lafal
lentong (tekenan, wirahma, randegan)
Eusi pamahaman eusi
sistematika eusi
Tehnik /
gaya
réngkak jeung peta
kaparigelan ngagunakeun alat peraga
Jumlah
Katerangan:
31
Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5.
Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti
unggal aspék.
Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan
proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan
taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng
nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng.
1. Lafal
5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna.
4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.
3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal.
2 = Kasalahan dina lafal rada sering.
1= Loba kasalahan
2. Lentong (tekenan, wirahma, randegan)
5 = Lentong (tekenan, wirahma, jeung randeganna) sampurna.
4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna.
3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah
2 = Lentong nu teu merenahna rada sering.
1= Loba lentong nu teu merenah.
3. Pamahaman eusi
5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna.
4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.
3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham.
2 = Kurang paham kana eusi dongéng.
1= Teu paham kana eusi dongéng.
4. Sistematika eusi
5 = Runtuyan eusi ngaguluyur ti mimiti nepi ka tungtung sampurna.
32
4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna.
3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung (ngacak).
2 = Rada loba runtuyan nu ngacak.
1= Runtuyan carita dongéng pabaliut.
5. Réngkak jeung peta
5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi.
4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi.
3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah.
2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah.
1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah.
6. Ngagunakeun Alat Peraga
5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif
4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah
3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah
2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah
1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah
Skor Anu Kahontal
Skor Ahir (Nilai) = -------------------------- x Skor Idéal (100) =
Skor Total
3.4.2 Obsérvasi
Instrumén obsérvasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu di
handap.
Tabel 3.4
Pedoman Observasi
Poé, Ping :
No Aktifitas Prosés
Dilaksanakeun Henteu
33
1 Guru nitah siswa pikeun maca, maham, jeung
neuleuman eusi dongéng sasakala biruang
jadi sato galak nu rék ditepikeun.
2 Guru ngadémonstrasikeun dongéng sasakala
biruang jadi sato galak ka siswa kalawan
ngagunakeun lafal, lentong (tekenan,
wirahma, randegan), pamahaman eusi,
sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta
cara ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.
3 Guru nitah siswa pikeun
ngadémonstrasikeun deui dongéng sasakala
biruang jadi sato galak kalawan
ngagunakeun lafal, lentong (tekenan,
wirahma, randegan), pamahaman eusi,
sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta
ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.
4 Guru ngoréksi jeung mére koméntar
ngeunaan hasil démonstrasi siswa
5 Guru méré aprésiasi ka siswa nu paling hadé
dina ngadongéng sasakala biruang jadi sato
galak
Obsérver,
................................
3.5 Téhnik Analisis Data
Sangkan meunangkeun tujuan ahir dina ieu panalungtikan, ku kituna baris
dilakukeun analisis data ngaliwatan analisis kamampuh ngadongéng sasakala
biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun aspék lafal, lentong, pamahaman
eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta ngagunakeun alat peraga
ngaliwatan pamarekan statistika anu léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap.
1. Uji Normalitas
Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa
téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sarat anu kudu
dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Nangtukeun nilai panggedéna
jeung pangleutikna
a) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:
r = peunteun panggedéna-peunteun pangleutikna
34
b) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:
c) Nangtukeun panjang kelas interval
d) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan
ngagunakeun tabél ieu di handap:
Tabél 3.5
Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés
No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi
2
1
2
∑
e) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan
ngagunakeun rumus ieu di handap.
f) Katerangan:
X = rata-rata mean
∑ = jumlah
Fi = jumlah data
Xi = nilai tengah
(Sudjana, 1992: 70)
k = 1 + 3,3 log N
35
g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta
h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:
(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi
Tabél 3.6
Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés
Interval Oi BK Z Ztabel L Ei X2
(b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)
(c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)
(d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)
(e) Nangtukeun Ztabel
(f) Ngitung lega kelas interval
36
(g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:
(h) Nangtukeun nilai X2
(chi kuadrat)
(Sudjana, 1992:273)
(i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)
(Sudjana,1992:293)
(j) Nangtukeun harga X2
tabél
(k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:
- Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.
- Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu
normal.
Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas kalayan hasilna normal, kagiatan
nu satuluyna nya éta uji homogénitas.
2. Uji Homogénitas
Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi
sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta
ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.
a) Ngitung variansi (S²) unggal kelompok
Variansi tés awal
S1 =
Variansi tés ahir
Ei = n x L
dk = k - 3
37
S2 =
(Sudjana, 1992: 95)
b) Ngitung harga variasi (F)
c) Ngitung derajat kabébasan (dk)
d) Nangtukeun harga
e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap:
(1) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.
(2) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.
(Sudjana, 1992:250)
3. Uji Hipotésis
Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:
a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung postés
Tabél 3.7
Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun
No Ngaran Siswa Peunteun
Pratés
Peunteun
Pascatés d d²
1
2
∑
dk = n - 1
38
b) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun
tés ahir. Rumusna nya éta:
c) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:
d) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:
e) Ngitung t, rumusna nya éta:
Katerangan:
t = tés signifikasi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑x²d = jumlah kuadrat déviasi
n = jumlah subyék dina sampel
f) Nangtukeun ttabél
g) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta:
Nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir kelompok nu ditalungtik
(ékspérimén). Kritéria anu digunakeun nya éta (HI) ditarima (HO) ditolak
lamun titung> ttabél jeung (HI) ditolak (HO) ditarima lamun titung < ttabél
dk= n-1
39
3.6 Sumber Data
Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X-11
SMA Negeri 1 Tasikmalaya jalan Rumah sakit No. 28 Tasikmalaya kalayan
jumlah siswa 38 urang.
Recommended