BIANTARA MAULID NABI.docx

Preview:

Citation preview

BIANTARA MAULID NABIAssalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh Girang pangAajen kalih hadirin sadaya nu dipihormat' Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji ka zat illahi robbi,sagala puja ka allah azza wajjala,Rehna dina danget ayena urang tiasa patepung lawung paaamprok jonghok dina kaayan sehat wal'afiat. Shalawat miwah salam mugia salawasna disanggakeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta pamimpin ka hiji,saurang jendral jeung imam ageung,pahlawan revolusi islam nyaeta Nabiyyana warosullana Muhammad SAW,teu hilap ka kulawargana,sohabatna, tabiit- tabiatna sareng urang sadaya salaku umatna. Bapak/Ibu nu ku simkuring pihormat sareng konco- konco nu ku simkuring pikanyaah' Dupi jejer biantara nu bade didugikeun ayeuna nyaeta "MAULID NABI MUHAMMAD SAW" mudah2an ku sabab wasilahna urang ngagungken maulid nabi.mudah2an kenging syafa at ti kangjeng nabi.di aku umatna ku kangjeng nabi.sakumaha dauhan kangjen nabi:MAN ADZOMA MAULIDII KUNTU SYAFII'AN LAHU YAUMAL QIAMAT.sing saha jalma ngagungken kana dina poe dilahirken na kaula maka ku kaula eta jalma bakal di syafa atan di poe kiamat. sakumaha nu parantos uninga yen dina bulan Rabiul awal teh aya perkawis brolna nabi Muhammad SAW.Nabi Muhammad lahir kadunya dina kayaan yatim,ramana pupus dina umur 5 bulan,waktu orok disusuan ku saurang awewe nyaeta Halimatu sya'diyahnepi ka umur lima taun,tuluy anjena oge sok diajakan dagang ku eyangna nu namina Abdul muthalib.Dina umur 40 taun anjena diangkat jadi nabi sareng di pasihan tugas nyebarkeun agama islam. Dina nyebarkeun agama islam,anjena sok di jahatan wae lamun bade ceramah agama islam ku kaum yahudi atau Qurai's.Diantarana Abu Jahal,Abu jahal teresep ka Muhammad sabab ajarana beda jeung manehna.Najan dijahatan wae oge nabi Muhammad terus merjuangkeun sareng nyebarkeun agama islam ti mekkah nepi ka madinah (ari urang mah boro-boro di jahatan di poyokan oge maen hantem wae..bener teu..???.Muhammad oge teu nyalira nyebarkeunna,tapi di bantuan ku para sahabatna nyaeta Abu bakar assidik,Usman bin affan,Umar bin khatab,sareng Ali bin Abi thalib anu satia ngabantuan nepi ka nabi Muhammad wafat dina umur 63 taun. Bapak/Ibu guru nu kusimkuring pi hormat sareng konco - konco nu ku simkuring pikanyaah.. Nabi Muhammad ngagaduhan sifat anu sae nyaeta 1.Tiasa dipercanten (amanah),2.Pinter (fatanah) ,3.Nepikeun(tabligh), sareng nu ka opatna bener/jujur (siddiq).Opat sifat eta kudu diturutan ku urang sadaya sangkan tiasa hirup tenang/bungah,kumargi Rosulullah the nyaeta suri tauladan nu sae. Rupina,biantara ti simkuring cekap sakitu,hapunten boh bilih aya kecap anu salah,simkuring nyuhunkeun di hampura. Lamun ay acai kembang,tangtu urang tiasa mandi,lamun umur urang sadaya panjang,engke - engke paamprok deui.. Wassalamu alaikum warohmatullahi wabarakatuh