Upload
yasfimaziya
View
92
Download
9
Embed Size (px)
Citation preview
Lemah Cai | 1
Rencong dan Bedil
kupu kecil...
terbanglah
selagi rencong dan bedil jadi karat
disimbah garam
hinggaplah
di bunga indah di dasar sana
laut basuh kakinya-
mutiara elus tubuhnya!
angin bimbing kepaknya-
ombak tuntun
langkahnya!
kupu kecil...
terbanglah
biar kami di sini jahit puing sisa puting beliung
biar kami di sini sulam tilam sisa amuk dendam
Lemah Cai | 2
kupu kecil...
satu saja yang kuminta:
kembangkan sayapmu
jadi rentang cahaya
hentakkan buat kami
sejuta seudati!
Kukusan 020105
Rieke Diah Pitaloka 17/11/2011
Lemah Cai | 3
Paparan:
Kupu kecil atawa kukupu leutik didieu
ngalambangkeun budak leutik anu janten harepan di
jaman kiwari, (terbanglah) atawa ngapung didieu
ngaartikeun kabebasan pikeun salamet tinu
peperangan atawa penjajahan. ‘selagi rencong dan
bedil jadi karat’ mangrupikeun sanjata salami
peperangan yen ‘rencong’ sanjata khas nagara Aceh
jeung ‘bedil’ anu mangrupikeun pakakas kangge
peperangan, didieu dicaritakeun janteun ‘karat’ anu
hartosna atos pareumeun atawa peperangan di
nagara aceh rengse atanapi pareum samentawis.
‘disimbah garam’ atanapi lamokot ku uyah anu
ngalambangkeun harita ping 26 Desembeer 2004
aya musibah tsunami di Sumatera belah kaler anu
ngaancur-leburkeun sabagean wilayahna, anu
utamina nagara Aceh nu mangrupikeun totonden ti
Gusti anu maha kawasa. ‘hinggaplah di bunga indah
di dasar sana’ anu masihan gambaran yen arurang
Lemah Cai | 4
kedah milarian tempat pangiuhan sareng kudu
ngamumule rasa sabar jeung ikhtiar upami anu
kawasa masihan cobaan ka urang sadaya, khususna
rahayat anu ka musibahan ku tsunami di nagara
Aceh.
Kecap “laut basuh kakinya-mutiara elus
tubuhnya” anu ngagambarkeun pangharepan anu
ngadu’akeun baraya - baraya urang sadaya anu di
bumi/nagara aceh sangkan janten jelema anu sabar
jeung tetep optimis dina ayana musibah tsunami anu
morak-porandakeun sadaya bumi Aceh. Kecap
“angin bombing kepaknya - ombak tuntun
langkahnya” ngacaritakeun yen pas nuju dongkap
éta musibah anu teu kabayang lamun urang
sorangan anu ngalaman kajantenan éta musibah,
pangarang ngarepkeun yén seueur rahayat anu
salamet tina éta musibah.
Dina kecap “kupu kecil, terbanglah, biar
kami disini jahit puing sisa putting beliung” jeung
kecap “biar kami disini sulam tilam sisa amuk
dendam” nyarita keun yén pangarang miharep ka
Lemah Cai | 5
rahayat anu ka musibahan sangkan entong reuwas
ku moal aya anu nulungan, pangarang oge
nerangkeun yén rahayat Aceh téh miboga baraya
anu seueur nyaéta sadaya bangsa Indonesia bakal
nulungan baraya urang anu kamusibahan.
Pangarang didieu nyaritakeun yen miboga
kahayang kangge sadaya rahayat anu di pasihan
cocobi sing di pasihan pangarepan kangge mayunan
jalan hirup kapayunna sangkan entong pegat
sumanget sapertos anu di terangkeun dinu kecap
“kupu kecil.. satu saja yang ku minta: kembangkan
sayapmu, jadi rentang cahaya” sareng didieu
pangarang nyeratkeun harepan kanggé rahayat Aceh
kudu ngareueuskeun bangsa Indonesia ku sikep
ikhlas jeung sabar anu di tembongkeun ku sadaya
rahayat Aceh, sapertos dinu kecap “hentakan buat
kami, sejuta seudati”.
Lemah Cai | 6
Keuyeup
keuyeup
panon kahareup
leumpang ka gigir
beungeut nyanghareup
ati mungkir
Ganjar Kurnia 16/11/2011
Lemah Cai | 7
Paparan:
Kecap keuyeup didieu ngaggambarkeun laku
lampah sang koruptor, naha didieu pangarang
ngaibaratkeun keuyeup anu bisa ngagambarkeun
koruptor téh? Simkuring naliti yén didieu pangarang
ngagambarkeun keuyeup ku pasipatan keuyeup anu
“panon kaharup leumpang ka gigir, beungeut
nyanghareup ati mungkir” anu ngandung arti
kalakuan sang koruptor téh teu jauh béda sareng
kalakuan keuyeup ari dihareupeun jiga anu heueuh,
tapi ditukangeun codekah boh nagara anu
nyangsarakeun rahayat, atawa korupsi di
sabudereunnana.
Lemah Cai | 8
Lemah Cai Kuring
lemah kuring...
cai kuring
geuning geus loba nu kurang!
lemah kuring...
cai kuring
kadeudeuh di rebut batur!
lemah kuring...
cai kuring
geuning geus lain nu kuring.
Apip Mustopa 26/02/2012
Lemah Cai | 9
Paparan:
Lemah kuring didieu nyaritakeun
alam nu urang, leungit didieu diartikeun
sacara universal lain ngan ukur dicokot
ku batur hungkul, tapi aya nu ancur alata
pamolah sorangan, ogé ancur ku alam.
Dangét ayeuna, sumber daya di
Indonesia geus didominasi ku urang-
urang deungeun. Janten, taneuh atanapi
sumber daya alam nu ayeuna geus lain
nu urang deui bangsa Indonesia nu
mibogana.
Salian ti éta, urang Indonesia mah
geus teu mibanda deui kana lahanna
sorangan, teu sakedik anu nyalah -
gunakeun lahan/sawah anu
kapungkurmah ku karuhun urang diagul-
agulkeun sangkan ciri anu jalma boga
mah ku legana tanah/lemah, tapi ayeuna
Lemah Cai | 10
ku turunanna kalahkah di jual ka batur
jeung teu saeutik anu ngajual ka urang
luar negeri, anu ku manéh namah di jieun
tempat industri anu limbahna nyemarkeun
taneuh/lemah titinggal karuhun urang sadaya anu nyésa
kénéh, sareng hawatos upami turunan urang anu jaga
dongkap henteu tiasa nyobian kanikmatan sareng
kaéndahan di lemah cai di Indonesia khususna di
tataran Sunda.
Danget ayeuna arurang salaku panerus
bangsa kudu bisa mopolahkeun sumber daya sarta
penghijauan kanggé lumangsungna kahirupan
generasi ayeuna sareng generasi nu jaga bakal
dongkap.
Lemah Cai | 11
Tol
jalan tol
ngembat meulah sawah bapa
jalan tol
ngembat meulah hate bapa
jalan tol
ngembat ka kuburan bapa.
Deni Ahmad Fajar 26/02/2012
Lemah Cai | 12
Paparan:
Jalan tol didieu ngalambangkeun
pangwangunan danget ayeuna anu geus
ngaruksak kana pagawéan masyarakat,
ditempo tina kecap “sawah” nu
nandakeun pagawean urang Indonesia
anu mayoritasna agraris. Jalan tol didieu
ngandung harti pangwangunan éta
sorangan anu geus ngaruksak kana
pagawean primer urang sunda anu
seseeurna ngolah atanapi ngaggarap
sawah.
Lemah Cai | 13
“Bapa” didieu ngalambangkeun kokolot
urang, sesepuh saméméh urang anu
ngariksa ieu tanah. Otomatis meulah haté
ngalambangkeun kanyeri kolot urang. Ku
jalan tol oge (pangwangunan) loba tanah-
tanah kuburan anu digusur jang
pangwangunan, jeung teu sakedik anu
mindahkeun kuburan kapungkur alatan
tanah kuburan éta tempatna anu stratégis
kanggé pangwangunan.
Uranng, salaku anu boga lalakon,
mibogaan tugas anu kacida badag na
nyaéta kudu bisa memperbaharui tanah anu masih
keneh alami jeung dimana badé aya pembangunan
anu gedé arurang kudu bisa mikir sangkan sumber
daya alam anu masih aya bisa kapertahankeun
sangkan anak incu urang jaga tiasa ngaraosan hasil
bumi anu raoseun kénéh sarta masyarakat kiwari
kudu bisa ngolah tekhnologi anu ngutamakeun
hemat daya sareng teu pati mangaruhan kana
kaayaan lingkungan bumi anu masih kajaga.
Lemah Cai | 14
Era
néangan diri sorangan
patepung
jeung lalampahan
luar léor teu uyahan
Lemah Cai | 15
Ganjar Kurnia 04/2012
Paparan:
Didieu pangarang nyaritakeun ngeunaan
salah saurang anu neangan jati dirina sangkan
kapayunna aya pangharepan kangge kahirupannana.
Kumargi dina sapanjang perjalanan hirupna anu
poekeun dijalan atanapi linglung, anjeunna
papendak deui sareng kahirupan baheulana sapertos
dina kecap “patepung jeung lalampahan”, anu
nyuatkeun haténa sarta anjeunna emut kana pari-
Lemah Cai | 16
polah anu diraos anjeunna tebih ti kahirupan anu
saé.
Luar leor teu uyahan didieu ngajéntrékeun
yén saleresna kahirupan anu goréng téh bisa di
robah, da kahirupannana tos teu poékeun teuing,
nanging anjunna teu mendak wae lalampahan anu
hade, nya kitu deui tepi ka ayeuna mung muter di
jalur éta, rék lebet ka jalur anu leres téh sok seueur
pisan gogoda na anu akhirna mah balik deui
ngajerumuskeun ka kahirupan anu poekeun.
Kembali
gelap malam
selimuti tubuh ku yang lelah
gelap malam
selimuti jiwa ku yang sepi
Lemah Cai | 17
sang bulan terangi aku
sang bintang temani aku
aku terbawa angin
aku terbawa arus
aku tersesat
aku terdampar
kembali
ku ingin kembali
kembali
ku ingin kembali kepada-Mu
Oki Muhammad Taopik 14/04/2012
Paparan:
Dina ieu sajak pangarang nulis tentang
kapasrahan diri anjeunna, pas anjeunna nuju
ngalakonan shalat tahajud, kaleresan kenging
pituduh ti gusti anu maha kawasa sareng pangarang
Lemah Cai | 18
nyurahkeun anu dikengingkeun dina éta tahajud
kana wangun sajak anu di musikalisasikeun ku
Karinding’234. Kaleresan pisan anjeuna bagean
atanapi personil ti Karinding ‘234.
Sapertos anu di uningakeun dinu kalimah
“gelap malam selimuti tubuhku yang lelah, gelap
malam selimuti hatiku yang sepi”, hartos anu
leksikal dinu eta kalimah nyaéta nyaritakeun
anjeuna anu palay ngareureuhkeun jiwa jeung
ragana. Anjeunna ngalamun di loténg bari milarian
inspirasi kanggé milarian lalampahannana keur isuk
pagéto.
Pangarang menta dibaturan ku alam di
sabudereunnana sangkan anjeunna teu tiiseun jeung
gaduh réncang kanggé hirup nyorangan, saperti dinu
kalimah “sang bulan terangi aku, sang bintang
temani aku” janten bulan anu nyaangan didieu
janten damar kanggé teungah peuting nu hartosna
teu poékeun lamun urang sasab atanapi nuju di
perjalanan teu acan mendak panyabaan, sanaos
caang bulan atanapi reupna bulan urang teu
Lemah Cai | 19
keueungeun. Bentang anu maturan didieu janten
babaturan disaat urang nyaba sorangan ka tempat
anu jauh sarta asa aya anu sok maturan dina
ngalakonan hirup, jeung teu heuleuteun batur.
Dina hiji poé anjeunna mendakan loba
panghalang sareng rintangan pas nuju di perjalanan
éta, nyaéta loba macem sipat kahirupan manusa anu
bisa mawa atanapi mangaruhan jalan bodas atawa
hideungna ka kahirupan arurang. Sapertos dina
kalimah “aku terbawa angin, aku terbawa arus”,
didinya anjeunna rumasa yén kahirupan dijalanan
téh sakitu heurasna jeung lamun urang na teu ati-ati
mah sesah kangge hirup diluar téh.
Dina kalimah “aku tersesat, aku terdampar”
tos nerangkeun yén anjeunna tisoledat tina milih
jalan kahirupan didinya anjeunna rumaos kaduhung
pisan sarta nyuhunkeun pitulung ka gusti anu maha
kawasa sangkan dipasihan pituduh kanggo anjeunna
ngalakonan hirup keur kapayunna.
Didinya anjeunna mikir sarta palay
ngamasrahkeun diri wae ka gusti anjeunna menta
Lemah Cai | 20
kaajaiban sangkan kahirupan anu baheulana bisa
balik deui ka asal, jeung bisa menerkeun hirupna
anu kamari-kamari anjeunna salah ngalengkah,
sapertos dina kalimah “kembali, kuingin kembali”
sarta kecap anjeunna nu palay kahirupannana balik
deui kanu jalan anu bener nyaéta “kembali, kuingin
kembali kepadaMu”.
Panulis didieu siga anu kenging wangsit
kanggé ngalakonan hirup, pas anjeunna shalat
tahajud anjeunna asa maju ka kahirupan anu rék
datang, sarta ‘flashback’ deui atanapi mundur deui
kapengker sangkan aya anu masihan pituduh
kanggo mayunan kahirupannana dikahirupan anu
sabeberna. Didieu anjeunna asa ngalaman mimpi
anu janten kanyataan.
Kuring sebagei anu nyaksennan
kahirupannana asa reueus ninggali perjalanan
hirupna ieu pangarang, seueur élmu anu ku kuring
anu tiasa di candak ti anjeunna, nu dugikeun ka
dangét ayeuna anjeunna parantos di anggep lanceuk
Lemah Cai | 21
ku sim kuring, hatur nuhun pisan ka anjeunna, sobat
kuring.
Lemah Cai | 22