Khutbah Jumat

Embed Size (px)

DESCRIPTION

satu

Citation preview

Khutbah Jumah: Ruksakna Iman jeung Alam05/04/2012 A Epul Khutbah,Khutbah Jum`at . . . . : . : . . Hadirin jamaah Jumah Rohimakumulloh.Hayu urang regepkeun kana pidawuh Alloh nu sakumaha diaoskeun khatib tadi:Nya Alloh anu ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeuna anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy Anjeuna anu bakal mateni maraneh, tuluy anjeuna anu bakal ngahirupan deui maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh anu magawe perkara nu karitu? Maha suci Anjeuna jeung maha Luhung tina saniskara anu ku maraneh disarekatkeun. Geus timbul karuksakan di darat jeung di laut alatan pagawean leungeun manusa, anu balukarna Alloh nibankeun ka maraneh (wawales-tina) sabagian anu ku maraneh dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir. Pok caritakeun, Jeung maraneh geura ngalalana di ieu bumu, tuluy titenan kumaha balukarna jalma-jalma baheula anu kalolobaanana jalma-jalma musyrik. (Q.S. al-Rum : 40-42)Upama dititenen sakumaha dawuhan di luhur, estuning ngagaduhan mana nu jero pisan. Siklus kahirupan, masalahkaruksakan jeung palajaran tina kahirupan manusa samemehna pikeun eunteung ayeuna.Dina tilu ayat di luhur, Alloh negeskeun ka manusa, yen ngayugakeun kahirupan , nyiptakuen rejeki ajang bekel hirup, maot jeung datangna poe kiyamah sadayana mangrupa sunnatulloh, sarta teu aya deui anu kawasa pikeun ngarobahna anging ku kakawasaan Alloh SWT. Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat jeung di laut nu jadi sabab pagawean manusa, nu saterusna timbulna kaayaan nu sarwa kurang jeung ilangna sareat pirijkieun, eta mah sanes kalebet sunnatulloh, tapi alatan paripolah manusana sorangan nu teu nyekel pageuh naon nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. Alatan polah manusa saperti kitu oge, cirining manusa geus teu mampuh ngayakinkeun yen nu ngayugakeun ieu alam jeung nu salawasna nu maparin pituduh teh Alloh SWT.Hadirin Jamaah Jumah rohimakumulloh.Bukti-bukti arkeologis nu hasilna dikumpulkeun ku para elmuan tina sababaraha situs purbakala geus nuduhkeun, yen manusa modern teh nu hirupna aya diluhureun fosil sejarah peradaban generasi manusa nu mampuh ngawangun kamajuan jeung karaharjaan, tapi maranehna ancur nu leuwih-leuwih alatan naon nu geus dilakukeun. Di sagara keusik Arabia, di sababaraha dasar lautan, sarta dihandapeun tumpukan lava gunung Vesuvius geus kapanggih ayana titinggal peradaban manusa nu diperkirakeun ngadadak ancur.Dina Al-qurana seueur disebutkeun bangsa-bangsa nu diancurkeun alatan paripolah manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung akidah musyrik tea. Naha kumaha atuh hubungan kamusyrikan jeung karuksakan di muka bumi ieu teh?Alloh nu maha ngayugakeun sadayana alam, Anjeuna geus ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. Alloh nu maha miara, nu ngajaga, tempatna panyalindungan. Alloh geus ngatur kalawan ditetepkeun ayanan hukum alam nu disebutsunna tasbudiyyah(kausalitas) kalawan sampurna. Alloh tempat pangbalikan sakabeh makhluk-Na. Ku kituna ku urang kedah teguh dina kayakinan yen teu aya deui pangeran nu ngajaga ieu alam anging aya dina pangjagaan Alloh, teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh, ieu naminatauhid rububiyyah. Yakin yen teu aya deui pangeran nu wajib disembah angin hiji-hijina dzat Alloh, ieu naminatauhid ubudiyyah. Jeung yakin, yen Alloh mung hiji-hijina pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan, ieu naminatauhid uluhiyyah.Hadirin Jamaah Jumah rohimakumulloh.Alatan kabodoan manusa srta lolong dina kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi puserna katoatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina.Alatan kabodoan manusa oge, ahirna katalimbeng nepi ka makhluk dijadikeun Tuhan jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan ngajadikeun pangeran. Nu kieu ngaranna musyrik, nu jadi asal mula ditibankeunana sagala musibah.Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu, boh di darat boh di laut geus ngarasa jadi milikna sorangan, heunte ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu maha ngapimilik. Nepi ka maranehna ngarasa mampu ngandalikeun akibat nu geus dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran maranehna. Maranehna deui sombong, ngajadikeun yen elmu pangaweruhna hiji-hijina pituduh hirup sorangan. Nu kieu disebut kamusyrikan dina harti nu leuwih luas. Kitu deui alatan pamadegan eta, nu ngabalukarkeun timbulna musibah di alam semesta ieu.Ku kituna, kahartos pisan, naon tiap Nabi jeung Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusa. Alatan kayakinan ka Alloh, manusa bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka bumi.Hadirin Jamaah Jumah rohimakumulloh.Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah caah, mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kayaan ruksak, musyrik. Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan manusa heunte apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakuen ieu alam jeung teu apal kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Nabi Adam nalika diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah.Ku kituna nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu the tanggung jawab manusa, tugas salaku khlaifah, tugas urang yakin ka Alloh sarta tanggung jawab karana manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran potensi alam ieu. Cacakan pangesi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi maranehna ngabohongkeun. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna. (QS. Al-Arof: 96) .Khutbah kadua: . . . . . . . !