Upload
ucke-r-gadzali
View
836
Download
77
Embed Size (px)
Citation preview
SASAKALA BATU KINYANG CIMERANG
Di antara sukabumi jeung sagaranteun aya hiji lembur nu subur makmur.katelahna
teh lembur Cimerang.
Di eta lembur loba pisan batu-batu nu harerang .eta batu-batu teh ku urang dinya
sok dijadikeun rupa-rupa hiasan ,saperti batu ali,gagantel kangkalung,mata kurabu jeung
hiasan sejena.Ku nu geus apal mah eta batu teh di sebutna batu kinyang.
Pangna di cimerang loba batu kinyang,sabenerna aya dongengna.kieu dongengna
teh !
Baheula,di sukabumi kacaturkeun aya hiji nagara leutik.Disareubutna teh nagara
Geger Witung ieu nagara teh ka asup kana wilayah kakawasaan kerajaan Pajajaran. Atuh
teu matak heran waktu pakuan pajajaran di gempur musuh, Geger Witung ge di gempur. Nu
nga gemburna musuh-musuh Pajajaran ti beulah wetan.
Hiji mangsa karaton geger Witung di burak-barik ku musuh. Raja katut kulawarga na
ampir kabeh perlaya. Nu salamet teh ngan saurang, nyaeta putri na nu jenengannana Putri
Laras Pandan Layung. Nyi Putri ge bisa salamet soteh pedah henteu di karaton anjeuna keur
ngayonan musuh di alun-alun Beulah kulon.
Putri Laras pandan layung kacida sedihna, barang apaleun yen nu jadi indung bapana
katut adi lanceukna geus perlaya.katambah deuih nagarana geus karebut ku musuh.
Nyi putri indit ka Beulah kidul, mapay-mapay jalan satapak.maksudna, seja nyumput
ka tempat anu aman. Ahirna, nepi ka hiji lengkob. bluk nyuuh kana tunggul,segruk cuerik
bakating ku ngarasa nalangsa.pangrasana hirup teh bet kadungsang-dungsang euweuh pisan
geusan pamuntangan.
Beuki lila ceurik nyi putri teh beuki tarik. Nu asal na inghak-inghakan jadi ngadingdiut
kawasna bingung pilampaheun. Mangkaning di tengah leuweng, bari dirina teh kapan
awewe.
Basa dirungrum rasa ka bingung, ngong aya sora tan katingalan. Pokna teh, “ nyi putri, teu
kudu bingung teu kudu nguyung. Ayena mah geura teangan patapaan ki resi girang
madenda nu ayana di curug ci merang. Nya, didinya nyi putri bakal jadi pangeling-eling
balarea. Seug geura papay!”
Jep sora teh jempe. Nyi putri cengkat. Ceurikna rada leler. Hatena ngarasa teteg
sangges meunang pituduh mah. Pikiranna teu baluweng teuing. Ceuk pamikirna tangtu
bakal aya jalma piken pakumaha. Tapi, ari kabingung mah tetep teu lengit, da dirina teh
kapan aya di tengah leuweng bari teu apal lebah-lebahna curug cimerang.
Barang sadar yen dirina teh teureh pajajaran, hate na teger deui kapan teureh pajajaran
mah salawasna kudu teuneung, ludeung, taya karempan. Pantang pisan sumerah kana
kaayaan.
Leuleuweunganana nyi putri teh meunang sabulan. Kadaharanana sakapanggihna
bae kayaning bongborosan, beubeutian, jeung pupucukan. Nu diinumna cai wahangan
atawa cai cangkore.
Hiji mangsa nyi putri teh manggihan wahangan leutik tur deet. Caina ngagenclang
herang. Di sela-sela batu laleutik pating serepet, patingsoloyong paray jeung beunteur.
Ku nyi putri eta wahangan teh di papay nipika girang. Sugan jeung sugan patapaan ki resi
girang madenda ka panggih. Hatena ngarasa yakin yen eta wahangan teh wahangan
cimerang nu keur diteangan.
Ahirna,nyi putri nepi ka hiji curug. lebah lahan anu datar,katempo aya saung
leutik.samar-samar di jerona aya hiji aki-aki make ikeut .janggotna ngarumbay panjang tur
bodas.
Nyi putri ngadeukeutan saung, sup ka jero sanggeus dimanggakeun ku Si Aki
Ku si aki nyi putri di Tanya ”Naon nu jadi marga lantaran aprak-aprakan nepi ka patapaan
aki“
Tuluy ku nyi putri ngalalakonkeun, tepika ngadangu sora nu nitah ka aki Resi Girang
Madenda. nyi putri dititah tapa dina luhur batu demprak handapeun curug Cimerang.
Nyi Putri tapana panceug sataun tatapana awakna ngadak-ngadak leungit. di luhureun batu
tempat tatapana benten jimat karajaan milik nyi putri ngalumburuk.
Cenah, permata kinyang benten tea baranahan, jadi batu harerang pabalatak tur
pating sarelap di sapanjang walungan Cimerang.