Upload
heny-heny
View
300
Download
17
Embed Size (px)
Citation preview
Pedaran perkara pakakas urang
sunda
Pangleak
Pangleak nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi leutik anu geus garing, kira-kira panjangna 15 cm, biasana sok dibungkus ku palastik sangkan teu rapet waktu dipake ngopak. Gunana mah geus puguh pikeun ngopak. Cara makena, janggel dileakkeun make pangleak sangkan kandelna rata, teu kandel sabeulah. Jaman ayeuna mah pakakas ieu teh biasana dijieun tina paralon tur geus jarang anu makena oge.
Dudukuy
Dudukuy nyaeta pakakas sunda anu dijieunna tina awi tuluy dianyam, gunana pikeun ngiuhan sirah tina panas panon poe jeung hujan. Salain ti eta sok dipake pikeun ngawadahan hasil tatanen saparti cengek, cengkeh, tomat jsb. Ilahharna dudukuy teh dipakena ku patani disawah atawa dikebon. Aya sababaraha rupa dudukuy, diantawisna aya nu disebut dudukuy payung jeung aya oge dudukuy cetok. Dudukuy payumg mah biasana dipake ku buruh metik enteh, ari dudukuy cetok mah dipakena ku patani.
Boboko
Boboko nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tinu awi terus dianyam, biasana dihandapna sok make soko, luhurna dibengket ku hoe sangkan lewih kuat jeung awet dipakena. Boboko gunana pikeun ngisikan beas, pikeun wadah sangu atawa dipake pikeun ngawadahan hasil tatanen saperti bonteng, tomat, cengek, jsb. Aya sababaraha ukuran boboko teh, anu leutik biasana sok dipake sangu, loba dipake diwarung-warung sunda, anu gede sok dipake pikeun mawa palawija.
Emrat
Emrat nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tinu seng. Emrat biasana digunakeun ku patani pikeun ngawadahan cai lamun bade nyiram pepelakan atawa kekembangan. Biasana digunakeun ku patani dina waktu halodo. Bentukna sapertos cere pedah emrat mah jangkung jeung teu ditutupan sabab ngarah gampang ngeusian caina.
Pasegan
Pasegan nyaeta boboko gede anu dijieunna tina awi anu dianyam, bentukna sarua pisan jeung boboko, handapna make soko, luhurna diwengku ku tali hoe, sangkan kuat jeung awet dipakena, ngan nu ngabedakeunna teh, ukuran pasegan lewih gede tibatan boboko. Biasana pakakas ieu dipake ngawadahan hasil tatanen atawa palawija.
Korang
Korang nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi nu dianyam kerep, diluhurna diwengku ku tali hoe atawa tali rapia anu kandel, sangkan leuwih pantes tur kuat. Biasana aya sababaraha bentuk kumaha ka ahlian anu nyieunna. Pakakas ieu gunana pikeun ngawadahan lauk meunang ti walungan atawa ti balong. Biasana mah sok dipake ku nu ngecrik atawa nguseup diwalungan.
Kored
Kored nyaeta salah sahiji pakakas
sunda anu dijieunna tina besi, bentukna
hampir sarua jeung pacul, gagangna
tina kai leutik anu buleud, panjangna
kira-kira 20 cm, kagunaanana pikeun
meresihan jukut dikebon atawa
dipakarangan. biasana oge digunakeun
ku patani pikeun mersihan suuk di kebon.
Gasrok
Gasrok nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina besi tapi lolobana mah tina kai, bentukna siga kuya, ukuranna kira-kira 20 x 30, handapna mak paku nu di elas. Gagangna tina besi oge, gunana pikeun meresihan jukut leutik atawa eceng antara pelak pare anu umurna kira-kira mah 1 bulan atawa leuwih samemeh pare dirmbet.
Hihid
Hihid nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi anu dianyam, sisina make awi panjang pikeun gagangna, ditalian ku tali hoe sangkan pageuh. Hihid gunana pikeun ngipasan sangu anu karek asak, atawa pikeun ngageberan seuneu ku tukang sate mah, bisa oge dipake pikeun gegeber lamun hareudang.