Upload
others
View
24
Download
3
Embed Size (px)
Citation preview
BAHASA RAKYATFOKLOR LISAN
A. Bahasa Rakyat
1. Dialék
Istilah dialék asalna tina basa Yunani dialéktos, anu hartina ‘kaayaan hijibasa’. Dina kamus Umum Basa sunda ditetelakeun yén dialek téh nyaéta basa wewengkon.
Dialék mangrupakeun hiji ragam basa nu dipatalikeun jeung sakelompokpanutur nu tangtu nu silih ngarti kana ragam-ragam nu lianna.(Wardough, 1972: 191).
Dialék nya éta idéolék-idéolék anu ditandaan ku ciri-ciri anu has dina tatasora, kecap-kecap, ungakra-ungakara, jsté. ( Keraf, 1984: 18)
Dialék nya éta ragam basa nu béda-béda disawang ti para pamakéna(Sudaryat, 1991: 128)
Macem dialek bisa dipasing dumasar kana faktor daerah (regional), waktujeung sosial.
2. Slang
Pamakean slang nya eta ngawanohkeun kecap-kecap anyar, atawa kecap
heubeul nu ngabogaan harti anyar. Tadina istilah slang memang diacukan pada
kosakata husus dina rupa-rupa kejahatan. Maksad diciptakeun basa slang ieu
the pikeun nyamurkeun harti basana ti jalma luar kelompokna. Tapi ayeuna
mah geus jadi idiom dina kolektif nu tangtu.
Ieu di handap aya sababaraha wangenan slang.
Suatu bentuk bahasa dalam pemakaian umum. Dibuat dengan adaptasi yang
populer dan pengluasan makna dari kata-kata yang ada dan dengan menyusun
kata-kata baru tanpa memperhatikan standar-standar skolastik dan kaidah-
kaidah linguistic dalam pembentukan kata-kata; pada umumnya terbatas pada
kelompok-kelompok social atau kelompok usia tertentu. (Pei & Gaynor.
1954:199).
Satu variasi ujaran yang dicirikan dengan kosakata yang baru ditemukan dan
cepat beruban, dipakai oleh kaula muda atau kelompok-kelompok social dan
professional untuk komunikasi ‘di dalam’, jadi cenderung untuk tidak diketahui
leh pihak lain dalam masyarakat ujaran. (Hartmann & Stork, 1972:210).
a. Cant
Dina umumna cant leuwih diterapkeun dina kekecapan nu merengek,
dijieun-jieun, atawa api-api. (Zeigher (ed.), 1973:45).
Aya nu mere kahususan sejen, yen cant dipake utamana dina strata
social rendah, saperti basa nu dipake ku tukang copet.
b. Jargon
Watesan Jargon nya éta :
Rupaning istilah jeung ungkapan-ungkapan nu dipake ku hiji kelompok social
atawa sakelompok pagawe, tapi teu dipake jeung mindeng teu dipikaharti ku
masarakat sagemblengna. (Hartmann & Stork, 1972:121)
c. Argot
Aya nu nyebut yén jargon sarua jeung argot. Ieu di handap batasan argot.
Basa rusiah, atawa basa khas tukang maling. Dipake oge pikeun kosakata
teknis atawa husus, dina pausahaan, profesi, atawa kagiatan liana. Ku kituna,
argot sinonim jeung jargon…
d. Colloquial
Asalna tina basa Latin colloquium (=conversation). Nya éta basa
sapopoé nu kaluar tina basa konvensional.
Dina batasan nu pastina nya éta kecap atawa frase nu lazim dipaké
dina paguneman lain dina tulisan. Colloquial dipaké pikeun nambahan
keintiman perhubungan.
3. Shop talk
Shop talk atawa basa tukang dagang.
4. Sirkumlokusi (sisindiran, poyok Ungkal)
Nya éta ungkapan teu langsung.
5. Cara mére ngaran hiji jalma
Patalina jeung mere ngaran, di Sunda oge aya kabiasaan pikeun
mere jujuluk ka hiji jalma. Jujuluk eta biasana patali jeung bentuk awak
jalmana. Upamana bae mun eta jelema the irungna pegek, sok disebut Si
Pegek, atawa jala eta disebut Si hideung lantaran kulitna hideung.
Nukeur ngaran oge mindeng dilakukeun masarakat Sunda. Hal ieu
dilakukeun lantaran ayana kapercayaan yen ngaran the beurat teuing nu
ngabalukarkeun budak geringan wae
6. Nama gelar
7. Speech level
Bahasa bertingkat nya éta basa nu dipaké ku nginget ayana
perbedaan dina lapisan masarakat, tingkatan masarakat, atawa tingkatan
umur.
Pamakéan ieu basa aya pakaitna jeung ajén budaya pamakéna tur
aya pakaitna jeung adat sopan santun. Ari anu di Sunda mah disebutna téh
undak usuk basa.
8. Onomatopoetic
Nya éta kecap-kecap nu dibentuk kucara nyonto sora alamiah.
Contona bae dina basa sunda aya kecap panganteur prang-preng-prong. Eta
kecap asalna tina sora piring atawa panci nu murag kana tehel.
9. Onomastis
Onomastis nya éta ngaran tradisional jalan atawa patempatan nu
ngabogaan carita salaku sajarahna. Nu tangtu waé éta sajarah teu salawasna
bisa dianggep salaku sajarah sabenerna.
B. Fungsi
1. Pikeun méré sarta nguatkeun identitas folkna
2. Pikeun ngajaga folk nu dipimilik ku eta folklor tina
ancaman kolektif liana atawa nu ngawasa.
3. Pikeun nguatkeun kalungguhan folkna dina jenjang
lapisan masarakat.
4. Pikeun nguatkeun kapercayaan rahayat tina folkna.