Muharram Awal.pdf

Embed Size (px)

Citation preview

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    1/13

    . Sugrining puji rawuh syukur anu teu kaukurdisanggakeun ka Hadirat Alloh SWT anu parantosmasihan sagala rupi kanimatan anu hamo kaetang,

    dipirig ku sholawat miwah salam kawilujengan

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    2/13

    mugia salamina tumetep ngocor ngagolontor kaJungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAWkatut kulawargina, para sahabatna, sareng sadaya

    jalmi anu turut tumut ka Anjeuna.

    Hadirin Jamaah Jumat anu mulya !

    Alhamdulillah diawal taun hijriyyah sareng

    sababaraha minggon deui aya diawal taun Masehi,urang sadaya masih dipasihan hirup tur huripna,masih dipasihan yuswa kalayan disarengan kusehat walafiyahna, pastikeun sesa umur urang anu

    mung sakali-kalina ieu saluyu sareng parentahAlloh bade diangge ibadah

    Teu samata -mata kami nyiptakeun Jin jeunManusa, kajaba pi keun Ibadah ( Adz-dzariyat :56),

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    3/13

    moal kabengbat ku kasenangan fatamorganadunya.Alloh SWT ngadawuh :

    "Taya lian kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan

    jeung anu ngabengbat matak poho ka Alloh;Saenyana akherat mah leuwih hade pikeun jalma-

    jalma anu taqwa. Naha maraneh teh teu bogaakal? (QS. Al An am: 32)

    Ayat kasebat diluhur aya hubunganana sareng ayatsateuacana, nyaeta pamadegan jalma-jalma anurugi alatan maranehanan ngabohongkeun kanaPoe Qiyamah; Kahirupan maranehna di dunya ngansakadar laibun jeung lahwun , naon anu dimaksadku Laibun wa Lahwun ?

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    4/13

    Ulama Ahli Tafsir ngeceskeun yen :

    1. Laibun

    nyaeta senang-senang,meakeun umur ku ulin ,tanpa tujuan anu jelas siga ulina Budak nu biasanamah sok kamalinaan, padahal Alloh SWTnyiptakeun langit sareng bumi lain ulin (kacutat

    tina Q.S Al Anbiya: 16). Lamun seug urang hirup diieu dunya dianggap ulin anu serius, masing -masing jadi aktor, maka nalika sandiriwarana geusrengse pasti urang sadayana bakal dipenta

    Laporan Pertanggungjawaban) na di akherat(kacutat tina Q.S Attakatsur :8)

    2. Lahwun

    nyaeta sibuk ku kagiatan anu teu penting atawakurang penting tapi dipigawe nepi ka meakeunwaktu pikeun migawe pagawean anu kacidapentingna, umpamana jalma sibuk kabengbat ku

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    5/13

    urusan dunya umpamana nuju nonton bola distadion atanapi nonton konser music, lat pohokana sholat / ibadah, padahal tugas poko hirupurang di ieu dunya teh eta ibadah. KalimatLahwun sareng sagala bentuk kalimatna ku Alloh

    disebat-sebat dina Quran dugi ka 16kali; Diantawisna Alloh SWT ngadawuh : Kudu

    nyaho aranjeun yen saestuna kahirupan dunya tehngan ukur kaulinan jeung kasenangan anungabengbat,papaes, pareueus-reueus diantaramaraneh,jeung paloba loba harta katut anak

    Jeung ari kahirupan dunya eta ngan wungkulkasenangan anu palsu (Tarjamahan Al Hadid : 20 )

    Hadirin Jamaah Jumat anu mulya !

    Naon bae faktor-faktor anu nyibukeunmanusa sahingga kabengbat teu eling ka Alloh ?Diantawisna:

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    6/13

    1. Harta jeung anak , nyaeta paloba-loba,pareueus-reueus dina harta banda jeung anakkaasup paloba- loba anak buah / golonganpengikut, Alloh SWT ngadawuh : Wahai jalma-

    jalma anu ariman ! Ulah ngabengbat ka aranjeunharta banda jeung anak-anak aranjeun tina elingka Alloh, jeung saha jalma anu lampahna kitu nya

    maranehna teh jalma-jalma anu rarugi ( Tarjamah Al Munafiqun: 9 )

    2. Angen- angen kosong

    Alloh SWT ngadawuh :

    Keun antep maranehna sina dalahar , senang-senang, jeung sina kabengbat / kajongjonan kuangen-angenna, jeung maraneh engke bakalnyaraho ( kana akibatna ). ( Q.S Al Hijr ayat 3)

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    7/13

    Malah ngahudangkeun angen-angen anukosong eta teh diantara jurus syetan pikeunngagoda manusa (kacutat dina Q.S Annisa: 120 )

    Mibanda cita-ciat anu luhur, tuluy direncanakeunnu ngadorong kana usaha tihothat keurngahontalna eta diwenangkeun, namung anu

    diwawadian ku Alloh mah nyaeta nyibukeun diringahayal kana perkara anu jauh tina kahontalnabari nangkeup harigu tanpa aya upaya,umpamina aya jalma anu nyibukeun diri kanameunang lotre milyaran rupiah, bari nepi ka culkana pagawean nu sejen anu penting atawa leuwihpenting.

    3. Lahwal Hadits , nyaeta ngobrol atawa biantara

    anu teu aya manfaatna nepi ka meakeun waktutapi nyenangkeun diri saperti ngagosip, ngupatsimuat, nyanyi-nyanyi anu dilarang kuagama. Rosululloh SAW ngandika :

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    8/13

    Diantara kahadean islamna hiji jalma nyaetaninggalkeun perkara anu teu penting

    Hadirin Jamaah Jumat anu mulya !

    Beungkeutanana tina khutbah ieu nyaeta:

    1. Tugas utama manusa ibadah ka Alloh dina harti

    anu jembar nyaeta midamel padamelan anudipikaridlo ku Alloh, boh ibadah murni (mahdloh ) atawa ibadah teu murni ( ghairmahdloh ), harta banda disiar jadi alat pikeunibadah , sanes jadi alat anungabengbat tina ibadah.

    2. Jalma-jalmi anu taqwa ka Alloh pasti bakalmilih amal-amal piakherateun, sanes

    ningalkeun kadunyaan ( boh harta atanapikalungguhan ) sabab dunya eta tempatpepelakan amal anu bakal kapetik engke diAkherat, Alloh SWT ngadawuh :

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    9/13

    Jeung geura teangan ku anjeun saniskara anu geusdipaparinkeun ku Alloh ka anjeun keur (kabagjaan)

    di negri akherat , jeung poma anjeun ulah pohokana bagian anjeun tina dunya ( QS. Al Qashash:77 )

    3. Aya sababaraha faktor anu urang kedah

    waspada sabab bisa ngabengbat urang tinaeling ka Alloh diantawisna : Sibuk paloba-loba ,pareueus-reueus harta jeung anak ( kaasup pengikut), mikiran angen angen anukosong, sareng Lahwal hadits nyaeta sibukngobrol, ngagosip atawa kagiatan lain anu teuaya manfaatna. Justru diantawis anu dipuj i kuAlloh nyaeta jalma-jalma anu sibuk dagang

    jeung jual beuli tapi henteu ngabengbat kana

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    10/13

    eling / dzikir ka Allah Swt sahingg maranehnateu hilap kana ibadah masjid-masjid

    "Pirang-pirang jalma anu alatan jual beuli jeungdagang,maranehna heunteu bisa poho tina eling kaAllah, tina ngadeugkeun shalat, jeung nyumponan

    zakat,anu sarieun kana hiji poe anu dina poe eta teh hate jeung tetenjoan jadi goncang"

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    11/13

    ...

    ...

    ... ...

    ...

    ...

    ...

    .

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    12/13

    :

    ...

    ..

    ...

    !

  • 7/24/2019 Muharram Awal.pdf

    13/13

    !